Usum Langlayangan
(Karya:
Rifa Silvi aripanti)
Basa
usum halodo, réa jalma anu medar di sisi sawah unggal burit. Éta nu medar, lain
saukur budak ngora, tapi ti mimiti budak leutik nepi karolotnagé maledar. Tiap langlayangan
anu pegat tina kenurna pada maroro, aya nu ngebrus kana balong, ting sareseb
kana sawah, aya ogé anu ngaberik nepi ka rél karéta api, da kaleresan kampung
simkuring caket sareng rél karéta api.
Dina
burit anu énjingna, simkuring lalajo nu maledar di sawah caket bumi. Éta nu
maledar téh beuki nambahan tina poé-poé anu saacanna. Dina pas langlayangan di
adukeun, aya hiji kajadian, dimana aya sato anu ngapung hideung marengan éta
langlayangan anu keur di adu. Atuh anu lalajo téh pada reuwaseun yén naon éta
anu ngageleber téh. Katingalinamah éta sato téh nyangked kana kenur
langlayangan anu keur di adu. Pas dut dipunutan, singhoréng étatéh kalong anu
keur néangan pangeutreupan. Tungtungna kalong éta di urus ku nu munutan
langlayangan nepi ka jagjag waringkas deui.
0 komentar:
Posting Komentar